Jumat, 12 Februari 2010

Ceramah


Teu aya deui kalimat nu saé diucapkeunana, malihan tiasa disebat dzikir, turta kénging pahala ti Alloh swt. nalika urang ngucapkeunana. Iwal ti kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه
. (Sadaya puji éta kagungan Alloh swt).
أل (Alif Lam) nu aya dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه miturut ahli bahasa atanapi ulama nahwu éta kalebet أَِلفٌ لاَمٌ لِلْجِنْسِ (Alif Lam Lil Jinsi) hartosna, nuduhkeun kana "jinis". Maksudna, yén tiap pujian sacara rinci éta téh hak Alloh swt.
Bisa ogé éta أل (Alif Lam) téh kaasup kana أَِلفٌ
لاَمٌ
إِسْتِغْرَاقٌ (Alif Lam Istighrok) hartosna, "Nu ngumpulkeun tur nu nyéépkeun sagala bentuk pujian". Maksudna, yén sagala puji sacara global atanapi nu sagemblengna, éta sadayana hak Alloh swt. nu hamo bisa dipibanda ku hiji hamba.